Aduh ema aduh bapa
Batin abdi kernalangsa
Sering emut kaanjenna
Gelisna kabina-bina
Iraha abdi patepang
Jeng anu di pika saying
Anu sok kabayang-bayang
Tiap wengi tiap siang
Rindu meni teu katahan
Hoyong pendak jeng pujaan
Cipanon sing kareclakan
Duh gusti abdi tulungan
Kumaha kabar anjena
Ayena aya dimana
Hayan nelpon hente bisa
HP nage hente aya
Hiji mangsa aya kiriman
Kiriman ti babaturan
Arek milu SMS’an
Horengmah taya pulsaan
Aini aduh aini
Iraha ngalongok abdi
Naha tos teu emut dei
Ka abdi nu kermenanti
Habibi goba’an ‘aini
Lakin laa yagi fii qolbi
Engkau jauh dimata ini
Tapi dekat dalam hati
Duh angina nu ngahiliwir
Sampaiken salam sim abdi
Ka anjena nu kerngaji
Nu janten pujaan hati
Sakie nadzoman tamat
Mudah-midahan manfaat
Ka santri nu rindu berat
Kakasihna hente kuat
Syair angina anu ngahiliwir
Duh angina nu ngahiliwir
Sampaiken salam sim abdi
Ieu syairan insani
Nu mencintai ka santri
Nu kasep kabina-bina
Ngagoda mata jeng raga
Lalakon dua manusia
Nu awalna mika cinta
Kahalang ku cita-cita
Tah ieu teh lalakona
Hiji mangsa dinten jumat
Abdi pamit arek angkat
Nyiar elmu nu manfaat
Supados luhur derajat
Abditeh di pamondokan
Nganinggalken karinduan
Dipisah ku kajauhan
Cinta butuh pangorbanan
Tos lami hente patepang
Sareng anjen nu tersayang
Anjen pendak jeng parawan
Gelisna kawas biduan
Duh gusti abdi sengsara
Mencintai hiji manusia
Cinta abdi saleresna
Dianggap cinta durjana
Duh gusti abdi tulungan
Hate nuju kanyerian
Lalaki nu janten pilihan
Direbut para walian
Dahar abdi teu mirasa
Sare abdi hente tibra
Raga abdi rasa nerak
Sebab ngemutan anjena
Soca ngalirken ci soca
Abdi kawas jalmi buta
Emtna sebabna cinta
Akhirna jadi nalangsa
Ieu serat janten hasrat
Tulisan wawakil lisan
Jeng kertas nu janten tugas
Tur mangsi nu janten saksi
Mugi gusti ngawidian
Ngagentos kanalangsaan
Ngilangken kaperhatian
Di gentos ku kabingahan
Margi wungkulken ka gusti
Sim abdi masrahken diri
Tina sadaya cocobi
Nu nepika sakit hati
Tina setan sareng jalmi
Nu ngagoda ka sim abdi
syair nyerina putus cinta
gening kie karasana
putus cinta the pedihna
aduh teu aya landong na
iwal pendak jeng anjenna
teu disangka teu di duga
anjen ku tega-tegana
dimana akal salira
ka abdi janten merana
abdi rewas ejeng bengong
teu benten jeng jalmi Oon
waktos anjenateh ngomong
ka abdi lewat telepon
wayahna urang papisah
ayena jeng salawasna
ku sim abdi di walerna
naon rikitu hoyongna
sim abdimah moal maksa
ri anjen ges hente suka
karna abdimah rumasa
sim abditeh jalmi hina
sateacana abdi ngarti
arti hidup tau diri
mungkin ieu tos takdirna
abdi jeng anjen papisah
karna abditeh wanita
teu kawasa jeng teu daya
sa ukur bisa ngadua
supados anjen bahagia
abdi moal putus asa
tibang lengit hiji cinta
sugan we aya gentosna
langkung tibatan salira
anjenamah seserian
sim abdimah sesegrukan
soca ngalirken cisoca
ngaraos asa dihina
abdi ikhlas jeng narima
kan sadaya-dayana
karna abdimah rumasa
narimaken lapang dada
teu kapikir tidituna
teu disangka tidinyana
anjen ngomong rek satia
horengmah ngan modal dusta
duh gusti abdi tulungan
manah nuju kanyerian
kakasih nu janten idaman
ayena janten sang mantan
pamente anjen ka bayang
di pangkuan dilahunan
siangna janten kenangan
wengina janten impenan
sim abdi gering emutan
sepertos jalmi nu edan
tumbuhna tangkal percintaan
tepang akhir kanalangsaan
ieu syiir landing manah
ka abdi nu nyeri manah
daripada dilamunan
mendingan bikin syiiran
mun sakie riwayatna
sim abdi kergalau cinta
abdi ge hoyong bahagia
sanaos teu jeng anjena
syair pepeling piken akhwat/istri
bismillah abdi ngawitan
kana yeu hiji syiiran
ieu mah lain sindiran
tapi hiji peringatan
istri-istri sing narima
kana yeu hiji carita
sabab lain ecek beja
tapi bukti anu nyata
ayena abdi ngawitan
kan ieu caritaan
istri-istri tong deulitan
lamun kerjadi parawan
istri di zaman ayena
angean kabina-bina
pamake teu jeng elmuna
oratna ka mana-mana
istri di zaman kiwari
akhlaknateh rupi-rupi
nurutan akhlak yahudu
anu aya dina TV
omat istri sing areling
ayenamah loba maling
lain maling baju samping
tapi maling tengah pimping
ka istri kedah waspada
bisi katipu pemuda
pemuda zaman ayena
pinter pisan ngarayuna
urang kedah hati-hati
lalaki zaman kiwari
ayenamah seer bukti
hoyongna ukur mimiti
ka istri sing kuat iman
ayenamah akhir zaman
ulah daek ngalayanan
lalaki teu boga iman
istri teh racun dunia
tapi istri anu mana
anu sapuluh nafsuna
istri nu eweh kaera
para istri sing narima
kana ieu papatahna
mugi sing janten elmuna
kangge urang sadayana
sing ageng pisan hampura
ka abdi anu nyarita
hapunten pisan salira
anu kirang tata basa
Syair catatan santri salafi
Allahumma sholli wasallim wabarik alaih
Sholatullah salamullah
Ala toha rosulillah
Sholatullah salamullah
Ala yasin habibillah
Dengan bismillah kumulai
Menuliskan dengan santai
Sambilku berandai-andai
Pengen jadi santri pandai
Iseng iseng ku tuliskan
Cerita keseharian
Kisahku di pesantrenan
Yang akan jadi kenangan
Susah senag ku rasakan
Cintapun aku dapatkan
Ngopi bareng teman-teman
Rook sabungkus joinan
Sholatullah salamullah
Ala toha rosulillah
Sholatullah salamullah
Ala yasin habibillah
Fa’ala yaf’ulu fa’lan
Ngajinya di jam satuan
Talaran demi talaran
Itulah yang kudapatkan
Kalo malam ku patungan
Untuk masak sama teman
Rasanya itu bagaikan
Makan-makan direstoran
Asiknya mah pas kiriman
Biasanya awal bulan
Hutang lunas terbayarkan
Tidurpun ga ada pikiran
Sholatullah salamullah
Ala toha rosulillah
Sholatullah salamullah
Ala yasin habibillah
Kalau di kisah cintaku
Aku ini kurang laku
Cewe ngga ada yang mau
Semua juga pasti tau
Hatiku selalu merasa
Pasti ku ngga diterima
Harta benda kutak punya
Mengajipun belum bisa
Dan sampai di mala mini
Diriku masih menanti
Seorang kekasih hati
Yang cinta sepenuh hati
Inilah yang ku alami
Kisahku selama ini
Saat memperbaiki diri
Sambil belajar ngaji
Syair ayah meninggal waktu di pondok
Duh umi atuh kumaha
Hirup abdi teh nalangsa
Nalangsa teu gaduh bapa
Nu tos lami ngantunkena
Bapa pupus teu nungkulan
Abdi ker di pasantrenan
Hatemah ker bubungahan
Firasatna karaos pisan
Barang wargi ngawartosan
Ujang hayu urang mulang
Sakedap aya wagelan
Dibumi ker kasusahan
Manga gera tingalian
Bapa nu di pangsarean
Sugan teu nuju teu damang
Gening bapa the tos mulang
Cisoca abdi ngeclakan
Ninggal bapak dituruban
Seer jalma ngariungan
Kabeh pada nyaraksian
Pun rayi anu agengna
Ngan ukur bisa cerikna
Ninggal bapa payunena
Bari di usapanana
Ayenamah sare bapa
Ngan sanes sare biasa
Sare anu salamina
Ninggalken urang sadaya
Sangsara ku teu gaduhna
Bekel piken di kobongna
Dahar oge saayana
Kitu oge mun manggihna
Batur sibuk dikiriman
Abdimah ka sesedihan
Ningal batur bingah pisan
Aya anu ngalongokan
Boro-boro ngalongokan
Komo dei nu ngiriman
Sugan ti dulur sorangan
Tapi da teu aya pisan
Masantrenteh perih pisan
Bekel neangan sorangan
Ker ayamah bungah pisan
Ngajige kasumangetan
Tapi lamun teu manggihna
Hate sedih karasana
Nahan beteng ku laparna
Peting teu daek sare na
Meren lamun gaduh bapa
Hirupteh pasti bahagia
Cara batur barungahna
Abdimah kantun sangsara
Mugi gusti ngahampura
Kana dosa umi bapak
Jeng nampi kana amalna
Jeng salamet salamina
Syair satu cinta dua hati
Ku bismillah dikawitan
Kisah nu jadi idaman
Ku abdi yang membutuhkan
Kana rahmatna pangeran
Kisahna kembang kamboja
Jadina bercabang dua
Nu teu asing jeng teu langka
Nu tumbuhna di astana
Ka caturken dua santri
Santri putra santri putri
Saking demen jeng sahati
Berpadu cinta sejati


1 komentar:
Mantap jiwaaa
Posting Komentar